Jumat, 12 September 2014

Puisi


Anaking
Anaking urang hirup lir dina dunya pawayangan
Isuk ning geto mawa carita anu beda
Kabungah,kasedih marengan...
Teu beda jeung beurang ganti peuting
Eta tos ciptaning Mantenna
Urang teu bisa walakaya
Nalika nyawa nu aya di raga
dipundut
Anging pasrah sumerah
Nyanggakeun ka Anjeunna
Mulang ninggalkeun kahirupan
Koceakna ,jumeritna anjeun
Lain teu tega ngan kumaha
Takdir geus nyungsi diri
Hampura ,Anaking..
Selamat Jalan Sahabat
Puisi u Alm.Hj.Suryati guru SMAN 4 Bogor
Ini pagi terlihat duka
Seorang sahabat telah kembali
Kembali kepangkuan Nya...
Duka penjang,tangis menyayat,
Haru biru menyatu dalam hati
Tiada lagi senyummu
Tiada lagi belaianmu
Tiada lagi motivasi
Yang senantiasa membangkitkan
Semangat anak didikmu
Untuk tetep maju
Walau hanya punya kemauan
Materi bukan segala- galanya
Hingga akhirnya mereka sampai
Ke puncak impian *sarjana*
Makasih ..sahabat..


14 Agg
Asa kamari urang babarengan
Balakecrakan,sempal guyon gogonjakan
Silih ngumbarkeun rasa suka,bungah jeung kasedih...
Saati urang dina enggoning hirup
Sasuhunan dina pancen anu sajati
Ngojayan kahirupan di sakola
Ayeuna anjeun geus miheulaan
Miang ka alam ka langgeungan
Kuring di dieu tinggal sedihna
Dikantun sobat nu weleh mawa carita
Dina ngambah kahirupan kapanduan
14 Aggustus isukan
Tangtu tinggal waasna ..
CAG
Isukan kuring geus gilig
Ngecagkeun lalungse hate
Nu salawasna nyaliara...
Dina jero hate nu gudawang
Bohak taya ubarna
Catetan katukang jadi sajarah
Ngagurat dina kahirupan
Moal bisa leungit najan waktu
Geus lekasan misahkeun urang duan
Di dunya pegat..kuring iklas
Geus teu wasa ngalengkah
Tunggara teu euih euih
Kapeurih taya kendatna
Ayeuna kuring wakca
Nya di dieu pisan
Kuring seja mungkas carita


Teu Walakaya
Bray beurang kuring lempang
Mapay jalan satapak panineungan
Hiji Januari nu jadi saksi...
Anjeun mulang salawasna
Ninggakeun kuring sorangan
Ninggalkeun peuting pangan
tenan nu can parat
Kasilih ku hujan cimata
Anjeun mulang na pangsujudan
Teu hudang deui
Jerit kuring ngajerit maratan langit
Ngoceak maratan jagat
Mun wasa kuring menta
Hudangkeun deui anjeun
Gelarkeun ka alam dunya
Ngan teu walakaya...
TUNGGARA
Tiheula anjeun datang mawa sarebu harepan
Panji pasini nu ngukir na ati
Kasilih ku dodoja nu mawa tunggara...
Tunggara salawasna
Mawa kapeurih teu euih euih
Isuk ning geto taya sudana
Teuing iraha enggeusna
Anging Allah anu uninga
Gaza
Takala malam datang menjelang
Terdengar tangisan duka
Terbawa angin seraya membisik
Kapan semua akan berakhir di negeri ini?
...
Jerit tangisan setiap detik
Membelah langit
Banjir darah tak dapat dibendung lagi
Bombardir menghancurkan wajah wajah tampa dosa
Dihantarkan mereka ke pintu maut
Dengan luka menganga di dada
Bermandikan darah segar
Inilah kebiadaban yang telah terjadi di bumi Gaza
Ya Allah lindungilah mereka


Suara Si Kecil
Andai aku bisa
Aku akan lawan semua kebiadaban ini
Aku ingin mengancurkan kalian...
Seperti halnya kalian telah menghancurkan kami
Air mata menjadi saksi
Jerit kesakitan membangkitkan semangatku
Untuk melawanmu
Serongsong pistol tiada arti
Peluru menembus pun aku lera
Aku tidak akan mundur
Bila perlu aku akan alihkan
Kematian untuk mu biadab
Ach..itu hanya suara hatiku
Sementara aku tidak berdaya
Mati.


ANAKING

Anaking,
Ti heula nalika hidep cumarita
isukan baris nuluykeun harepan
muru untaian gelarna cita-cita
dina angkeuhan ITB hiji paguron
anu mashur di kota Bandung
Hate indung bati ceurik
teu wasa narimana
na timana atuh waragadna
ceuk beja puluhan juta
ari ieu aya gajih panyesaan
potongan ti mana-mana
nyumponan kabutuhan hirup
ITB ngan saukur gugupay
ngahiap-hiap kanu teu wasa
nga sipating manusa
kena owah gingsir
ayeuna urang hirup kieu
sugan jaga manggih bagja
ayeuna teu laksana sugan jaga
Anaking teu bisa nepi ka dinya
dina muru udagan gelar cita-cita
lain indung teu mirosea
lain indung teu ngajurung
lain indung teu surti
geuning sakola di jaman kiwari
kudu sugih ku kaboga
tong wara mangjuta-juta
sajuta oge panyesaan
cukup keur hirup dua minggu
sabab kaayaan kiwari
teu nguntup jeung panghasilan
Anaking,
kiwari indung bungah ati
hidep geus mere bukti
nepi kanu dipicamcam
najan teu nepi ka ITB
di paguron ieu jadi asisten
nuluykeun lengkah indung
babakti ka lemah cai
ngamalkeun pangarti
sasieureun sabeunyeureun
pikeun bekel bawaeun jaga
sanajan leutikna sagede siki saga
manfaat dunya aherat
Nuhun Gustiii!

Jumat, 21 Februari 2014

SEKAPUR SIRIH

SEKAPUR SIRIH

  Blog ini akan menyimpan tulisan puisi,cerpen yang ditulis dalam keadaan tertentu sehingga akan menjadi catatan harian di tahun ini.Bukan hanya cinta semua tergores sebagai saksi bisu dalam meniti hari yang kerapkali membuat terlena dalam sejuta asa dan kelelahan  dalam cerita panjang yang tiada akhir.Di sini aku akan berbagi cerita .Di samping itu,di sini akan memuat cerita fiksi yang merupakan imajinatif. Bukan kisah nyata hidupku.